Sunday, June 26, 2005

To:
Derry
Date: Sun 26 Jun 2005 02:59:00 PM WIT
Subject: Re: des.........

Message:
Wow syukron, hatur rewu nuhun laksa kabingah atuh.
Janten tiasa deui gogorowokan dina manah.
"Pangandaraaannn ayem komiiing yeeuhhh.
Engkin atuh manawi pareng desi janten ka si aa.
Tada teuing romatisna ngabubuy bulan di basisir
Pangandaran. Tah tangtos hoyong tepang ka derry
saparakanca. Sok komo manahoreng derry kuncenna.
Pulkam? Danget ayeuna mah teu acan kaemut atuh der.
Margina masih seueur keneh anu kedah diperyogikeun
boh dokumentasi boh domisili pangutamina aliran tur
arus cash-flow ti bapak komandan di Kuningan.
Kapan di Jkt mah naon2 bae kedah sarwa cicis.
Hoyong pipis di wese-um wae kedah mayar ka kotak
polotot. Majarkeun teh tong he-love bisi dipolototan.
Misina derry boh si aa anu tiasa nyiram tembok boh
tatangkalan dimana mendi iraha bae curna.
Kapan eta oge sok aya bae grafitti bewara.
Dilarang kencing disinih. Kecuali gogog cungungung.
Kituh.

Derry wrote:
> oh, desi teh bade kul di jkt...kul di univ. mana?
> sanes kitu eta mah mung naros wae, upami desi tos
> gaduh aa oge teu nanaon, derry tetep hoyong kenal
> sareng desi ...kan upami temen mah teu mandang tos
> gaduh teu acana ..sanes kitu des,.....iraha pulkam
> na??
>

No comments: