Monday, August 01, 2005

To:
agha
Date: Mon 01 Aug 2005 09:08:00 PM WIT
Subject: Re: kamu dimana? Aku Jakarta.

Message:
Aeh aeh babanjaran kuda paeh na bet diajaran.
Di Jakarta uing na kesepian kumaha kituh gha?
Gogorowokan di Monas? Alim ach paur murag.
Walah nowei atuh, puguh kami mah teuing ku sibuk
itu ieu mani kirang cekap waktos kanggo nikmatna
ngadaweung. Benten pisan teu cara waktos dilembur.
Kantenan lami ti kikirik dugi ka bilatungan matuh
weh di Kuningan. Nembe meh 3 sasih ayeuna migrasi
ka Jakarta.
Ngalih ke Semarang? Alim deuih bisi disuntik mati.
Dimana tempat nonoman Kuningan pada ngumpul?
Duka tah bilih di jalan HR Rosunah Said onaman mah.
Kapan didinya pisan sentrum Kuningan di Jakarta tea.
Manawi pedah desi tara kamamana weh. Wassalam.

agha wrote:
> euleuh-euleuh ieu aya urang kuningan anu dijakarta
> meni kasepian kieu,,,,, sok atuh gogorowokan di
> luhur monas panginten wae aya seueuran urang
> kuningan nu mirengkeun hehehehe
> emang kapungkur lami di kuningan atanapi ayeuna
> wae nuju ka jakarta na?
> upami teu betah di jakarta mah ngalih wae kadieu
> ka semarang da seueur rerencangan ti kuningan di
> dieu mah?
> emang desi tehteu teurang kiti tempat kumpul2
> anak kuningan?

No comments: