Friday, July 15, 2005

To:
andi
Date: Fri 15 Jul 2005 07:11:00 PM WIT
Subject: Re: Balesan deui wae.

Message:
Hatur nuhun ti abah kana widyaiswara Ndi anu eces.
Manawi atuh di boks Telkom aya terminal kabel
vertikal tur horisontal. Janten teknik pengaturan
sambungan nomer pelanggan ayana di vertikal. Anu
horisontal hubungana ka sentral. Tapi eta saur
abah anu hobbi elektronik, listerik tur komunikasi
radio. Abah kantos janten pengurus RAPI Tangerang
JZ10TBS waktos masih gabung ka Jawa Kulon.
Tapi kitu 2002 gabung ka Banten abah lajeng teu
aktif deui.
Kapan aktifitas ngebrik anu sok kaganggu ku RFI,
ngalih ka ngenet anu mineng kaganggu ku Virus-ai.
Upami kanggo desi mah perihal MDF masih butek weh.
Sok komo RFI sareng VI sagala rupi mah. Mongkleng weh.

Insya 4JJ1 tea maksad Ndi Insya Allah kituh?
Asma Allah diserat ku simbol Latin mangrupi hurup
Arab. Hehehe kupinter tur nyantri deuih Ndi mah.
Desi bener2 baik? Ah eta mah saur Ndi weh.
Nuhun atuh mugia desi leres baik Insyallah tinekanan.
Atuh Ndi cobi we geura. Naon hak desi make teu
baik n bener ka sasama warga fs. Moal bade adigang
adigung gede hulu desi mah sanaos aya anu sok
nyebat desi siga anu geulis onaman.
Geulis boh kasep eta mah estu kekayaan alam amanah
Allah SWT anu kedah dijagi kualitas kuantitasna
kanggo sebesar besar manfaat bagi ummat manusia
Indonesia. (Vide, GBHN)
Salami korespondensi urang jalankeun nganggo tata
bahasa tur sumanget anu bener n baik weh.
Namung hampura desi manawi ka anu ngintun pesan
anu ngalalaworakeun harkat awewe abong desi mung
mojang kampung lebah leuweung sisi gunung tea.
Sok komo anu ngirim seratan teu uni mah.
Matak Desi keuheul laju hoream malesna weh.
Keun weh pada sina gogorowokan sorangan siga lutung.

Sami Di, Insyallah Desi oge resep gaul fs ka Ndi.
Mugi urang tiasa sami metik manfaatna wae nyah.
Wassalamualaikum warahmah.

andi wrote:.
>
> Ari MDF teh nyaeta nami tempat di PT Telkom,
> samodel penghubung sentral-pelanggan, 'kan ti
> sentral teh tos aya programna kangge aktivasi
> telepon di bumi pelanggan. Tah keur
> nyambungkeunna teh tempatna di MDF tea nu
> singkatanna Main Distribution Frame. Di MDF aya
> kabel2 nu ngahubungkeun primer anu ngarahna ka
> pelanggan jeung port horizontal anu ngarahna ka
> sentral.
> Nu diurus ku Andy teh nyaeta kabel2na eta tea
> jeung perangkat hubung primer-port2 horizontal.
> Sajaba ti eta, aya deui nu diurus di MDF teh nyaeta
> gangguan pikeun pelanggan nu komplain. Terus
> diurusna nganggo software SISKA jeung ISLIMS
> oge lamun kersa mah nganggo SULIM ge tiasa.
> Kitu panginten nu tiasa Andy terangkeun mah
> sakitar pengetahuan MDF teh.
> Ari abah kumaha kitu naha but dugi ka tiasa hebat
> kitu?
> Perkawis foto ke heulaanan nya.
> Soalna Andy teu gaduh foto, nyaeta teu kacandak
> di bumi. Tp insya 4JJ1 andy pasang fotona
> saenggal-enggalna.
> Desi mah tenang wae, tong hariwang.
> Eh ternyata Desi teh orangna bener2 baik gening,
> teu dugi ka milih2 nu janten pergaulan teh.
> Nu matak andY ge resep ka Desi teh.
> Salamna Andy tampi atuh, nuhunnya.
> Wa'alaikumsalam Wr.Wb.

No comments: