Tuesday, July 19, 2005

To:
andi
Date: Tue 19 Jul 2005 11:50:00 PM WIT
Subject: Re: Nurutan nya?!

Message:
Upami ti kulawargi pituin desi cikal.
Gaduh adi 2 pameget. Ais kelas 4 SD Opal kelas 2 SD.
Tebih benten umurna da ari tadina mah dikinten
desi bade nunggal. Pun adi masih pada sareng pun
biang di Kuningan.
Ngirangan soteh perkawis akselerasina wungkul.
Upami ngawaleran mah atuh kantenan bari kumaha
salsena. Janten mugi moal dugi ka ngirangan
kadar silaturahmi nananon.
Sahenteuna ka anu parantos nyanggakeun no hp,
kapan tiasa we desi ngontak person. Tatage anu moal
matak desi sulaya kana tugas2 utami desi.
Atuh ulaheun teuing upami kedah nukeran anu wajib
sareng anu sunah onaman mah. Kapan minangka kapal
hiber mah matak tebalik bakul nyungsep sep.
Tangtos matak kapiran wungkul nya Ndi. Hihihi.
Wassalam.

andi wrote:
>
> Har ari Desi? Eh teu ketang,maksad anDy kadua
> teh nyaeta desi teh putra kadua ti nu janten
> kulawarga ibu rama desi? Kitu maksad andY mah.
> Apan deSi teh canes gaduh aa?
> Des, pami waleran deSi kitu mah dina perkawis
> kontak person teh nya teu nanaon, ngan andy mah
> tadina meh langkung papada terang we tur langkug
> akrab. Sareng ngadangu deSi maksad ngawaleran
> fs-na bakal langki, tambah we kontak jeung deSi
> teh matak ngirangan kana silaturahmi.
> Desi mah rajin gening nya?
> Sabab tos tiasa mantuan nu janten sepuh.
> Andi ge ketang da ayeuna teh masih status
> pegawai roster STTTelkom nu janten kampus.
> Nya lumayan we kangge nambihan panghasilan
> atanapi ngirangan beban nu janten sepuh.
> Andi gaduh kontak person nu tiasa Desi hubungi
> nyeta di 081321800xxx, nya ieu mah bilih Desi aya
> peryogi naon2 bae ka Andy.
> Mun sakieu heula wae dinten ayeuna mah.
> Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

No comments: